Kacaturkeun Si Iteung pamajikanana si Kabayan keur nyusuan anakna di jero kamar. Keur kitu kurunyung Si Kabayan anu jadi salakina. Gek diuk di gigireun pisan Si iteung nu keur nyusuan budakna.
Naa ari jeletot teh pamiarsa pingping anakna nu keur nyusu tea ku Si Kabayan diciwit satarikna. Atuh si budak teh ngagoak.
Ceuk Si Iteung: "Ku naon Kabayan, teu pupuguh make nyiwit budak nu teu tuah teu dosa!"
Si Kabayan: "Keuheul kami mah Iteung! Eta budak siga nu nyusu ka kabogohna wae. Kami ge sarua weh hayang...!
"Tai ucing tai kuda... pusing atuh da!" ceuk si kabayan bari ngaleos.