Aya aki-aki pada miasih, mikaresep lantaran bageur. Resep nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah, nganteur kanu sieun jeung keueung. Nalang ka nu sangsara mun teu ku harta-banda, ku tanaga. Mun teu ku tanga ku du'a.
Eta aki-aki teh jadi kakasih anu kumelip, kanyaah Gusti Allah. Hirupna tina buburuh atawa dagang suluh.
Hiji mangsa eta aki-aki teh ka leuweung rek mulung pangpung keur suluh. Manehna manggul kadut butut keur wadah buah kupa bagikeuneun ka barudak nu sok maregat di jalan, ari aki-aki balik.
Tapi naha ari jol kaleuweung geus jadi lautan seuneu, sakurilingna kahuru. Seuneu ngabela-bela gede. Kari handapeun kupa nu buahan tea bae nu acan teh. Eta ge geus kaputer ku seuneu.
Ari aki-aki rek kadinya, horeng aya Oray Kuda keur nyumput nyingkahan seuneu, sieuneun kahuru awakna. Si Oray Kuda anu salawasna jail sarta galak sok ngahakan jelema, sarta matih pisan peurahna, lengas-lengis pikarunyaeun ka Si Aki menta tulung, sieun renghek ka duruk.
Cek Aki-aki: "Kumaha bisana nulungan, kula lain teu karunya da andika sakitu gedena!"
Ceuk Oray Kuda: "Kula bisa ngaleutikan awak nepi ka sagede oray-cai. Eta kadut talian sing panjang, heg alungkeun ka dieu. kula rek asup kana kadut. Lamun kula geus di jero, tarik deui talina ku andika ka dinya, sing panjang sangkan kula ka bawa !"
Teu leleda Aki-aki teh da puguh tukang tutulung tea, sakumaha hojahna Oray Kuda dijalankeun. Oray kuda salamet tina bahaya seuneu. Ari geus salamet pudigdig teh oray kuda awakna ngagedean deui. Sungutna calawak disada hihieman cara kuda bae. Geus disada tuluy ngomong ka Aki-aki anu nulungan tea.
"Ayeuna kula salamet teu kaduruk. Tapi tadi lila pisan kula lapar, taya hakaneun. Ayeuna ngan kari maneh di dieu, meureun nya maneh keur sarapan kula teh tina euweuh deui hakaneun...!!!"
Ceuk Aki-aki teh: "Euuh, naha kitu Sakadang Oray? kula geus nulungan maneh tina bahaya seuneu. Mun teu aya kula andika baris renghek."
"Bener maneh teh geus nulungan kami tina bahaya pati ku seuneu. Tapi ayeuna maneh kudu nulungan deui kami tina bahaya lapar. Sabab kami sarua bae kudu paeh lamun teu nyatu, mah!"
"Eeeh engke heula, asa teu kaharti. Budi kula ka andika nulungan ngajait paati, bet dibales telenges? Da di kula mah di manusa, kudunna hutang budi bales budi, hutang pati bayar pati, hutang uyah, bayar uyah. Maneh mah hutang budi ka kaula, tapi mayar ku pati!" ceuk Aki-aki.
Ceuk Oray-Kuda: "Budi-budi kumaha, geuning nyatana mah rek maehan rek telenges. Kula sina paeh kalaparan lantaran taya hakaneun. Mending paeh kaduruk, tinimbang paeh ku lapaar mah. Hayu padu di Hakim ge, mo teu kula nu bener. Tuh tanyakeun ka Sapi geura nu kabeneran liwat."
Ceuk Sapi: "Bener sakadang Oray!!! Kudu dipaehan manusa mah. Omong wungkul hutang budi bales budi. Buktina kula keur ngora, sakumaha boa susu kula dialaan keur manusa. Komo anak kula jalu mah saharita dijual, matak nyeri hate. Nya anak dijual, nya susu dialaan. Salaki kula keur ngora dipeleter sina ngawuluku tea,sina ngaroda tea, Ari geus kolot siga kula ayeuna, bet dijual ka jagal. Kula teh rek dipeuncit isukan, jadi hirup teh sapoe deui ieu. Mana nyatana ladang budi kaula ka manusa teh?Bener ki Oray ulah sina hirup lila-lila manusa mah!"
"His" ceuk Aki-aki, "Atuda eta mah bagean manusa ti Pangeran. Sakur nu kumelip di duunya, keur manusa. Dibere hak ku Pangeran dahar daging sapi, susu sapi, ngagawekeun sapi, munding, kuda!"
Ceuk Oray-kuda: "kula ge boga hak cara manusa. Da dibere kabisa macok jeung dibere peurah paranti ngala dahareun teh. Sarta kula ge dibere wewenang macok saha bae nu kapanggih, teu kudu sapi, teu kudu jelema. Mana bae nu heula kapanggih ti heula ari hayang dahar mah!"
Aki-aki teu eleh akal: "tadi Oray ngajak ka Hakim. Ari hakim mah teu kaci saksina ngan saurang, tapi kudu tilu!"
Ceuk Ora: "Heg atuh, urang neangan deui. Tuh tangkal kupa urang tanya."
Ceuk Tangkal-Kupa: "Bohong manusa mah, hutang jasa dibayar jasa teh! Kula ge saban taun dialaan buah kula, kitu deui dulur-dulur kula.
Pamalesna mah ari kula teu buahan deui, ditutuhan ditaluaran. Dulur-dulr kula mah kabeh dijieun suluh, kari kula sorangan. Mana pamales ti manusa? Da buktina males lara. Cok we ka dinyah Oray, tong dilila-lila!".
Ceuk Aki-aki: "Sanajan kula geus dielehkeun ku dua saksi, kulacan pasrah lamun can ku tiluan." Hatena mah Aki-aki teh muntang neneda ka Pangeran sangkan aya sih piwelas Gusti anu Maha Asih, manehna bisa salamet.
Ceuk Oray Kuda : "Heug, ulah kapalang ari maneh panasaran keneh mah. Tuh, aya Peucang ngaliwat!"
Ceuk Peucang : "Ah teu ngarti, Oray sakitu gedena make bisa asup kana kadut sakitu leutikna! Bohong ah teu percaya kami mah. Da Ki Oray mah sok ngabohong ongkoh. Sakali bohong tetep mo beunang dipercaya."
"Teu percaya silaing teh peucang .. !" ceuk Si Oray Kuda.
"Teu..!" Ceuk Peucang bari gogodeg sabari jeba-jebi.
"Mun teu percaya, tenjokeun ku sia!!!" ceuk Oray kuda bari pek ngaleutikkeun deui awakna, bus kanu kadut.
"Kadeuleu ku maneh, Peucang?"
"Katenjo! Tapi eta geuning molongo kadutna?"
"Talian deui ku maneh Aki, cara tadi sina kadeuleueun tah ku Si Peot!" ceuk Oray ka Si Aki-aki.
Ret bae ditalian ku Aki-aki teh. Barang geus ditalian deui, Peucang ngiceupan bari ngaharewos: "Alungkeun deui tuh kana seuneu sina renghek! Da tadi ge manehna rek jadi parab seuneu!"
Teu kudu dua kali dititah, lung bae kana seuneu ruhay dialungkeun Si Oray-Kuda dina kadut teh, nepi ka renghek.
Pitulung Pangeran Nu Maha Asih ka makhulukna anu hade budi, Aki-aki salamet.