Selasa, 29 Januari 2019

Mencek Nu Eling Ka Pangeran

Di leuweung-leuweung di tegal-tegal nu biasa jukutna hejo lembok ngalakonan garing kerenteng lantaran katiga entak-entakan. Daun jati rugul daun karet kitu keneh. Katenjona siga geus paraeh. Tatangkalan sejen aralum, dalah nu di sisi walungan ge teu parucukan.

Di mamana cai saat ngoletrak. Nu aya hejo-hejo teh jukut subur keneh, ancal-ancalan sakurilingeun nu aya cinyusu, tinggerembel jarauh.

Mencek jajaka tandukna karek nongtot,katalimbeng hayang nginum. Tinggaleun ku bangsana nu geus papada liaaar,neangan keur eusi peujit.

Ki mencek susah jeung leuleus. Bru nyuuh deku cara manusa. Hatena ngajerit neda pitulung Nu Agung, sangkan dipaparinan manggih cai jeung jukut. Tos sujud, lapat-lapat di nu jauh bet nenjo aya gerembel-gerembel ngarungunuk tatangkalan subur. "Di ditu mah aya cai,aya jukut" ceuk dina hate ki mencek teh. Lenghoy bae sakadang mencek teh ngajugjug tempat nu katenjo tadi. Nyorang tegal upluk-aplak, tegal eurih siil,kaso sesa seuneu. Nepi ka manehna curang-coreng ku mehong, tepa ti kadupakan saparat-parat jalan.

Ari jol teh enya bae aya cai mani ngagenclang herang. Gening aya sedong cinyusu nu angger ngocorna jukut-jukut sabudeureunana.

Sakadang mencek maggih jukut seger teh,teu geuwat-geuwat kop. Teu rusuhrusuh nginum, najan tikorona geus garing ge,teu geura-geura nyatuan. Tapi sujud deui ka Nu Agung,nganuhunkeun heula. Ari enggeus tarapti kitu,karek ge arek rot, jauh ti manehna aya ajag nyanggereng arek ngamangsa.

Saenyana ari si ajag asa-asa ka Mencek,pedah awakna corong ku mehong. Mana teu gep gerewek ge kku panglingeun jeung heraneun,ari bulu siga bulu meong loreng,ari hulu siga hulu mencek. rek ngarontok bisi anak maung. Da teu wani bisi indungna ngarah. Teu dirontok ,da siga hulu mencek. Nu matak Si Ajag agag-agaan ge.

Singhoreng lain Si Ajag bae nu kitu teh. Da di luhur kai ge aya maung tutul,keur ngintip sato nginum rek dimangsa. Breh aya mencek kitu buluna,sarua panglingna jeung Ajag tadi. Teu ujug-ujug dirontok ku manehna.

Ki mencek teu nyaho yen aya maung di luhureun manehna, nyaho-nyho ari geus turun ka handap, sieun kapiheulaan karebut mangsana ku Si Ajag.

Tungtungna Ajag nyangerengna ka maung. Maung ge rek ngerekeb Ajag. Ki Mencek kagetna leuwih-leuwih, lain kaget bae tapu sieun. Tangtu manehna ngemasi pati mun direweg ku eta du berhala galak teh. Ku hiji ge bakal teu walakaya,sumawonna ku duaan.

Sajeroning eta dua sato silih herengan, Ki Mencek sujud deui nyambat ka Pangeran :

Nun Allah nu Maha Alus

Allah Nu Maha Sampurna,

Allah nu Aya Salawasna,

Allah Nu Maha Welas Asih,

Allah nu uninga,

Allah nu Aya di mana-mana,

Allah Nu Maha Kawasa.

Abdi pun Mencek teu daya teu upaya,neda disalametkeun ku Gusti tina ieu bahaya Ajag sareng Maung anu bade ngamangsa."

"He Ki Ajag ! Ki Maung ! wilujeng sumping. Tangtu anjeun ge cara kuring hanaang ku cai,lapar ku dahareun. Mangsa urang ngaleueut, da ieu sedong teh paparin Allah keur sarerea!"

Maung jeung Ajag silih herengan. Kaget ku mencek,jadi capeteang jeung wanian kitu.

Walon Maung : bener omongna maneh kitu. Aing teh hayang nginum jeung lapar. Keur nginum aya cai,keur lapar aya maneh!

Maneh ge nya kitu keneh,keur nginum aya cai,keur eusi peujit aya jukut.

Ceuk Ajag:maneh lain keur ajag,tapi aing nu boga hak. Sumawonna maneh,Ajag ge ku aing katenjo datangna. Lantaran aing pangheulana neuleu, jadi aing boga hak ka maneh !.

Ceuk Mencek : " naha asa ngariung teu puguh ngaromong teh! Na teu nyaho saha kula? Hulu kula enya mencek,malah geus tandukan. Tapi awak mah geus jadi anak anak Lodaya. Jadi kabeuki kula mah nya jukut nya daging Ajag. Kula kakasih Allah,tanduk kula matih. Saha nu ditubruk,sakallli ge lastari nyawana, dagingna dipake sarapan. Teu manggih Ajag ngahakan jukut Teu manggih jukut ngahakan Ajag.

Maung jeung Ajag bengong,samaruk enya kitu teh. Malah Ajag mah ngarasa sieun.

Ceuk mencek :"ayeuna kula moal dahar daging,da aya jukut. Top bae ajag mah keur Maung,da maung teu beuki jukut. Atawa sabalikna,Maung keur Ajag,mun teu beak kula agehan keur engke nyeubeuhkeun. Minangka bibilasna teh daging!" Rot bae mencek mah nginum saseubeuna jeung tuluy nyatuan pura-pura taya kasieun.

Der bae Ajag jeung Maung galungan,silih gegel silih banting perebut nyawa.Saha nu eleh eta dihakan! Kitu ceuk hate duanana. Nepi ka mencek seubeuheun ge, nu gelut mah acan aya nu eleh.

Geus seubeuh mah biur baaae Ki Mencek teh kabur ngajauhan,salamet. Bari teu poho dina hatena, yen Allah nu nyipta sakumaha kaajaiban alam.

Kumaha nu parebut nyawa?

Ajag jadi pincang jeung lolong dikerewes Maung,tuluy lumpat.

Maung sempal pingpingna teu bisa hudang digerewek Ajag ti barang prung diadu teu lesot.

Tungtungna nu murka teu inget kana ka_agungan Pangeran teh, paraeh.