Selasa, 29 Januari 2019

Sakadang Puyuh

Hiji mangsa Sakadang Puyuh kacida sediheunana, sabab anakna sadua-dua nu karék gumuling teu aya dina sayangna. Padahal can lila diparaban. Sabot indung jeung bapa puyuh ka luar tina sayang rék neangan hakaneun keur anakna, ari balik anakna geus teu aya.

Munding Dikawihan Kuda Didangdanan

Baheula béh ditueun baheula, lembur urang téh leuweungna weuteuh, caina ogé curcor harérang ngagolontor ka walungan palid ka hilirkeun. Pangeusi ieu lembur lolobana mah sasatoan boh nu hirup di darat boh nu hirup di cai. Ari nu disebut jelema can loba harita mah. Caricing na di guha-guha batu, sakapeung bareng wé jeung sasatoan kayaning jeung maung, munding, kuda, atawa nu séjénna. Malah ari ku mindeng panggih jeung jiga nu sanasib mah antara jelema jeung sasatoan téh jiga anu silih hartikeun. Masing-masing nganggap baraya atawa tatangga anu babarengan hirup ngeusian hiji tempat.

Mencek Nu Eling Ka Pangeran

Di leuweung-leuweung di tegal-tegal nu biasa jukutna hejo lembok ngalakonan garing kerenteng lantaran katiga entak-entakan. Daun jati rugul daun karet kitu keneh. Katenjona siga geus paraeh. Tatangkalan sejen aralum, dalah nu di sisi walungan ge teu parucukan.

Sakadang Kuya Jeung Monyet

Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, tapi ti isuk mula tacan manggih nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naek. Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung. Omongna: "Sakadang Monyet, kami manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing tulungan pangalakeun, engke paparon".

Senin, 21 Januari 2019

Bango Jeung Anjing

Aya bango keur jongjon bae nangtung di sisi rawa. Keur ngintip sugan aya lauk. Katenjoeun ku anjing. Anjing gegeroan, "Sakadang Bango, kakesel-kesel nangtung bae didinya. Ka dieu gera ari lapar mah, uing boga bubur."

Maung Jeung Bagong

Kacaturkeun di hiji leuweung geledegan, aya bagong keur anakan. Eta bagong téh keur huleng jentul waé bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poé eta manéhna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaéta masrahkeun anakna.

Oray Jeung Aki-Aki

Aya aki-aki pada miasih, mikaresep lantaran bageur. Resep nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah, nganteur kanu sieun jeung keueung. Nalang ka nu sangsara mun teu ku harta-banda, ku tanaga. Mun teu ku tanga ku du'a.

Monyet Jeung Peucang

Halodo meujeuhna entak-entakan. Jujukutan gararing, tatangkalan kari kalakay. Solokan jeung balong anu laleutik mah réa anu saat. Halodo ampir sataun atuh. Sakur sasatoan anu bumetah di Gunung Ganggong raripuh.

Sakadang Peucang Jeung Gajah

Sanajan Sakadang Peucang sato bageur sok tutulung ka batur, tapi ari geus nepi kana waktuna cilaka mah teu bisa kumaha, cilaka we. Sakali mangsa duka kumaha asalna, peucang tigebrus kana cubluk. Henteu ari jero pisan mah, ngan manehna teu bisa hanjat deui. geus sababaraha jam kukurilingan neangan jalan teu manggih wae. Ku sabab geus cape gek manehna diuk dina dasar cubluk deukeut gawirna. Dina hatena mah terus ngado'a ka nu mahakawasa muga-muga sing manggih akal keur jalan ka luar ti cubluk.

Kapinteran Sakadang Peucang

Dina hiji poe Sakadang Peucang keur jalan-jalan di leuweung teu jauh ti dinya aya sayang bagong. Katempo ku Sakadang Peucang, Sakadang Bagong keur ngahuleng bae kawas nu bingung.

Munding Jeung Buhaya

Aya buaya geus kasohor galak, katindihan tangkal kai. Geus sapoe adug-adugan tapi teu bisa lesot. Manehna geus leutik hate kana bisa leupas tina kai nu nindihanana. ku sabab kitu gawena ngan ceurik, nyengceurikan nasibna ku naas luar biasa.

Peucang Jeung Buhaya

Jaman baheula di hiji leuweung, wanci tengah poe ereng-erengan, sakur sasatoan keur ngariuhan. Kacaritakeun peucang, manehna pohara ngarasa halabhabna. Kolonyong peucang ka walungan nu pareunahna teu anggang ti dinya.

Si Kabayan Timburu

Kacaturkeun Si Iteung pamajikanana si Kabayan keur nyusuan anakna di jero kamar. Keur kitu kurunyung Si Kabayan anu jadi salakina. Gek diuk di gigireun pisan Si iteung nu keur nyusuan budakna.

Si Kabayan Ngala Tutut

Si Kabayan nu teu aya padamelan, kasampak keur gogoleran dina dipan pakarangan imah, sakapeung ngalamun kawas nu enya rungsing mikiran nagara.