Selasa, 29 Januari 2019

Sakadang Puyuh

Hiji mangsa Sakadang Puyuh kacida sediheunana, sabab anakna sadua-dua nu karék gumuling teu aya dina sayangna. Padahal can lila diparaban. Sabot indung jeung bapa puyuh ka luar tina sayang rék neangan hakaneun keur anakna, ari balik anakna geus teu aya.

Munding Dikawihan Kuda Didangdanan

Baheula béh ditueun baheula, lembur urang téh leuweungna weuteuh, caina ogé curcor harérang ngagolontor ka walungan palid ka hilirkeun. Pangeusi ieu lembur lolobana mah sasatoan boh nu hirup di darat boh nu hirup di cai. Ari nu disebut jelema can loba harita mah. Caricing na di guha-guha batu, sakapeung bareng wé jeung sasatoan kayaning jeung maung, munding, kuda, atawa nu séjénna. Malah ari ku mindeng panggih jeung jiga nu sanasib mah antara jelema jeung sasatoan téh jiga anu silih hartikeun. Masing-masing nganggap baraya atawa tatangga anu babarengan hirup ngeusian hiji tempat.

Mencek Nu Eling Ka Pangeran

Di leuweung-leuweung di tegal-tegal nu biasa jukutna hejo lembok ngalakonan garing kerenteng lantaran katiga entak-entakan. Daun jati rugul daun karet kitu keneh. Katenjona siga geus paraeh. Tatangkalan sejen aralum, dalah nu di sisi walungan ge teu parucukan.

Sakadang Kuya Jeung Monyet

Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, tapi ti isuk mula tacan manggih nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naek. Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung. Omongna: "Sakadang Monyet, kami manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing tulungan pangalakeun, engke paparon".

Senin, 21 Januari 2019

Bango Jeung Anjing

Aya bango keur jongjon bae nangtung di sisi rawa. Keur ngintip sugan aya lauk. Katenjoeun ku anjing. Anjing gegeroan, "Sakadang Bango, kakesel-kesel nangtung bae didinya. Ka dieu gera ari lapar mah, uing boga bubur."